Translate

Jumat, 30 November 2012

SEJARAH KERAJAAN- KERAJAAN DI TATAR SUNDA

Sejarah "Jawa Barat".
Karya Tulis: Drs. Yoseph Iskandar

Untuk membacanya silahkan "klik"  pada judul di bawah ini.







RUNTUYAN RAJA RAJA SUNDA

Raja-raja Karajaan Sunda
Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
1.   Tarusbawa (minantu Linggawarman669 - 723
2.   Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
3.   Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
4.   Rakeyan Banga (739 - 766)
5.   Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
6.   Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
7.   Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
8.   Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
9.   Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
15. Munding Ganawirya (964 - 973)
16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
17. Brajawisésa (989 - 1012)
18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
32. Prabu Bunisora (1357-1371)
33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
38. Prabu Sakti (1543-1551)
39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

KARAJAAN GALUH

Karajaan Galuh
Galuh mangrupakeun hiji karajaan Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara walungan Citarum di beulah kulon sartaCipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupakeun panerus Kendan, bawahan Tarumanagara.
Carita ngeunaan Galuh aya dina Carita Parahiyangannaskah Sunda nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan Galuh téh dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi salila lima welas taun. Salajengna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang Wretikandayun.
Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M pupus (669), kakawasaan Tarumanagara ragrag kaTarusbawa, minantuna ti Sundapura, salah sahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku sabab Tarubawa mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak Galuh, dipingpin ku Wretikandayun (ngawasa ti taun 612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri. Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun walungan Citarum salaku watesna.

Karajaan kembar
Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja (jadi resiguru di Galunggung), Rahiyang Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh salila salapan puluh taun (612-702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.
Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra: Demunawan jeung Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak nepi ka kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah). Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha. Sannaha jeung Séna ieu lajeng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan Rakryan Jambri (atawa katelah Sanjaya).
Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709), lajeng diteruskeun ku Séna. Kusabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja, Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716). Alatan kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di beulah wétan, lajeng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi Padmahariwangsa, raja Indraprahasta.

Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman Kangjeng Prebu.
Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur, jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)
Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tetela di Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana teh.
Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu bae Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max Salhuteru anu gede kamelang kana kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis dengkleung Dengdek ku Administraturna.
Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.
Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila oge Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan wetan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun ngaran, sumawonna nu sejenna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goreng sejenna .
Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat karaton ngadeg legana sahektar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu arendah. Di bagian sejen karaton, aya kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajeng kuning."
Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh Kinanti teh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu oge ngageder ngawangun gedong-gedong pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun 1859 tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupaten anu agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong nagara atawa gedong kabupaten, sakaligus tempat lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan sejenna, tangsi militer, panjara, masjid agung, gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.
Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan dinomer hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda, J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka kabupaten, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu teh sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan. Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian masarakat anu masih keneh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.
Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da kaula oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka pangawulaan teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya arca. Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh geus teu aya deui arca anu disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu kendat muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi karimbunan. Eta sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di Selagangga tea.
Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk saujaring carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu oge ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861 jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna patalimarga, ti Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka Jogjakarta. Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya jalan kareta api teh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh kabupaten, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna memang jadi gede sabab eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong jeung Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh ayeuna narikolot, tapi Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun 1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.
Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih keneh teras bebenah jeung ngawangun Galuh Ciamis. Dina jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti dipake, peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi ngaluarkeun modal gede keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna. Kulantaran kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung Sindangrasa. Taun 1915 Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan Priangan, sacara resmi disebutna jadi Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten jeung genep kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur. Saenyana di lokasi karaton Selagangga oge Kangjeng Prebu teh ngadamel masigit agreng anu dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul Karim. Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh, marentahkeun ka para Kapala Desa suaya di tiap desa aya masigit, sajaba ti keur ibadah sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman diajar ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual masarakat. Masdjid Selagangga teh kacida kaimpunganana ku para nonoman.
Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu perenahna beh kulon mah geus taya tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah kulon teh kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad. Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah diomean dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan anjeunna teh putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu. Jadi, ngaraos ngiring tanggel waler geusan mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna. Bupati anyar dipentes gawe mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu oge kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu panemu, boh lahir boh batin, turta pinter meakeun batur teh. Dipendemna oge di pamakaman Sirnayasa (Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan nu bisa ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti

PERANG BUBAT

Perang Bubat 
Catetan Ki Jagasatru VI
tina rupa-rupa sumber

Perang Bubat nyaéta perang anu bisa jadi pernah kajadian dina kakawassan raja Majapahit jeunh  Mahapatih Gajah Mada. Kajadian ieu ngalibetkeun Mahapatih Gajah Mada jeung Prabu Maharaja Linggabuana ti Karajaan Sunda  di Pasanggrahan Bubat  dina abad ke-14 di sabudeureun  taun 1360 M. Sumber-sumber anu kolot anu bisa dijadika
Pikeun rujukan ngeunaan ayana perang ieu nyaéta  Kidung Sunda  jeung Kidung Sundayana anu asalna ti Bali.
Kajadian Perang Bubat dimimitian ku hiji niat Prabu Hayam Wuruk anu hayang migarwa  putri Dyah Pitaloka Citraresmi ti Nagara Sunda. Kacaritakeun kapincutna Hayam Wuruk ku putrid Dyah Pitaloka sabab geus sumebar hiji gambar sang putri di Majapahit; anu digambar sacara susulumputan ku salah saurang  seniman jaman harita anu wastana  Sungging Prabangkara.
Tapi catetam sajarah Pajajaran anu ditulis Saleh Danasasmita jeung  Naskah Perang Bubat  nu ditulis ku  Yoseph Iskandar nyebutkeun yén niat jatukrami  éta nyaéta keur ngaraketkeun tali duduluran anu geus lila pegat antara Majapahit jeung SundaRadén Wijaya anu jadi pangadeg karajaan Majapahit, dianggap katurunan Sunda ti Dyah Lembu Tal jeung carogéna Rakéyan Jayadarma, raja karajaan Sunda. Hal ieu ogé    dicatet dina Pustaka Rajyatajya i Bhumi Nusantara parwa II sarga 3. Dina Babad Tanah Jawi, Radén Wijaya disebut ogé  ku jujuluk Jaka Susuruh ti Pajajaran. Sanajan kitu, catetan sajarah Pajajaran kasebut dianggap lemah kabenaranana, utamana disababkeun ngaran Dyah Lembu Tal ngaran lalaki.
Hayam Wuruk mutuskeun keur migarwa  Dyah Pitaloka. Kalayan ayana restu ti kulawarga karajaan, Hayam Wuruk ngirimkeun surat lamaran ka Maharaja Linggabuana.  Upacara jatukrami dilaksanakeun di  Majapahit. Pihak panatacalagara karajaan Nagara Sunda sorangan saenyana ngarasa kabeuratan, utamana Mangkubumi Hyang Bunisora Suradipati. Ieu disababkeun numutkeun adat  anu dianut di Nusantara dina jaman harita, henteu lazim pihak pangantén awéwé datang ka pihak pangantén lalaki. Sagigireun éta aya panyangka yén hal kasebut ngarupakeun hiji panipuan diplomatik Majapahit anu danget harita keur ngagédean kakawasaanana, diantarana ku cara ngawasa Karajaan Dompu di Nusa Tenggara.
Linggabuana mutuskeun supaya terus mangkat ka Majapahit,  sabab rasa duduluran nu geus aya ti gurat luluhur dua nagara kasebut. Brul baé Linggabuana jeung rombongan Sunda mangkat ka Majapahit, jeung ditam[I sarta ditempatkeun di Pasanggrahan Bubat.
Ninggali Raja Sunda datang ka Bubat jeung  permaisuri  ogé  putri Dyah Pitaloka anu di diiringkeun ku sawatara prajurit, jol timbul baé niat séjén ti Mahapatih Gajah Mada nyaéta keur ngawasa Karajaan Sunda, sabab hayang nedunan Sumpah Palapa anu dijieun ku manéhna, mangkana ti sakuliah karajaan di Nusantara anu geus ditalukkeun  ngan karajaan Sunda wungkul anu acan dikawasa ku Majapahit. Ku ayana kaksud éta terus Gajah Mada nyieun alesan anu nganggap yén kadatangan rombongan Sunda di Pasanggrahan Bubat téh subagé sumerah diri Karajaan Sunda ke Majapahit, sapagodos jeung Sumpah Palapa anu kungsi diucapkeunana dina jaman saméméh Hayam Wuruk naék tahta.  Gajah Mada ngadesek Hayam Wuruk  keur narima Dyah Pitaloka lain subagé pangantén, tapi subagé tanda taluk Nagara Sunda anu ngaku ‘superioritas' Majapahit saluhureun Sunda di Nusantara. Hayam Wuruk kuanjeun numutkeun Kidung Sundayana disebutkeun cangcaya ku ayana hal kasebut, sabab Gajah Mada hiji Mahapatih anu jadi andelan Majapahit jaman harita.
Satuluyna timbul hiji kajadian pabéntrokan  antara utusan Linggabuana  jeung Gajah Mada. Pabéntrokan ieu ditungtungan ku hinaan ka Gajah Mada ku utusan Nagara Sunda anu kagét yén kadatangan rombongan Nagara Sunda ngan keur jadi tanda taluk jeung ngaku kaunggulan Majapahit,  lain karana ondangan saméméhna . Tapi Gajah Mada tetep keukeuh peuteukeuh dina pamadeganana.
Saméméh Hayam Wuruk méré putusanana, Gajah Mada geus ngerahkan pasukan Bhayangkara ka Pasanggrahan Bubat anu ngancam Linggabuana supaya ngaku  kaunggulan/superioritas Majapahit. Demi ngabéla kahormatan subagé satria Sunda, Linggabuana nolak hal ieu. Der baé kajadian peperangan anu henteu saimbang antara Gajah Mada jeung pasukan rongkahna, ngalawan Linggabuana jeung pasukan pangawal karajaan “Balamati” anu jumlahna ngan saeutik sarta para pajabat jeung menteri karajaan anu milu dina rombongan.
Akibat pacéngkadan ieu der jadi peperangan téa. Rombongan karajaan Sunda boga niat  keur béla pati tepi ka milampah puputan demi ngabéla kahormatan di Lapangan Bubat.  Sanajan toh pati bébéakan ngalawan kalawan gagah perkasa rombongan karajaan Sunda kawalahan  anu tungtungna gugur di jero pangepungna  tentara Majapahit. Ampir kabéh rombongan kerajaan Sunda ditumpes kalayan kejem dina tragedi ieu.  Kajadian ieu dipungkas ku gugurna Linggabuana, para menteri jeung pajabat karajaan Sunda, sarta putri Dyah Pitaloka. Tradisi jeung carita-carita wewengkon nyebutkeun yén dina kaayaan anu sedih jeung ancurna haté, Sang Putri milampah  “puputan”  labuh-diri/nilasan diri keur ngabéla kahormatan jeung ajén nagarana
Numutkeun adat, tumpurna Dyah Pitaloka diceungceurikan ku Hayam Wuruk sarta sakabéh rahayat Karajaan Sunda anu keluleungitan sabagéan gedé Kulawarga kerajaanna. Ku masyarakat Sunda tumpurna Sang Putri jeung Raja Sunda dipihihormat jeung dianggap subagé hiji lampah anu leber ku wawanén sarta mulya dina ngabéla kahormatan bangsa jeung nagarana.  Rama Sang Putri, Prabu Maharaja Lingga Buana dipupusti jeung dipihormat ku masyarakat Sunda  kalayan dipasihan jujuluk  "Prabu Wangi" (Basa Sunda: Raja anu miboga nami anu seungit/wangi) sabab lampah satria dina ngabéla kahormatan negarana ngalawan Majapahit. Katurunan anjeunna  raja-raja Sunda anu saterusna dipasihan gelar jujuluk  "Siliwangi" (tina kecap  Silih Wangi dina basa Sunda hartina: Nu Neruskeun Prabu Wangi). Tragedi ieu kacida ngaruksak hubungan antara dua kerajaan anu akibatna aya mumusuhan nepi ka mangtaun-taun lilana. Hubungan dua nagara ieu henteu pernah pulih deui sakumaha  biasana. Saheulaanan di karaton Majapahit, Gajah Mada nyanghareupan mumusuhan jeung kacangcayaan, sabab lampahna anu sagawayah  jeung gagabah papalingpang jeung kabutuhan kulawarga karajaan Majapahit jeung geus ngajaheutkun raraosan Raja Hayam Wuruk.
Lalakon Putri Dyah Pitaloka jeung Perang Bubat ngarupakaeun tema utama dina  Kidung Sunda. Catetan sajarah ngeunaan kajadian Pasunda Bubat disebutkeun dina Pararaton, tapi sama sakali henteu ditoél dina naskah Nagarakretagama.
Hayam Wuruk manghanjakalkeun kana lalampahan ieu terus ngirimkeun utusan (darmadyaksa) ti Bali – anu mangsa harita aya di Majapahit  pikeun nyakséni jatukramina  antara Hayam Wuruk jeung Dyah Pitaloka – pikeun nempikeun paménta hampura ka Mangkubumi Hyang Bunisora Suradipati anu jadi pajabat panyelang raja Nagara Sunda, sarta  nepikeun yén sakumna kajadian bakal dimuat dina Kidung Sunda atawa Kidung Sundayana (di Bali dipiwanoh subagé Geguritan Sunda) supaya dicolot hikmahna.
Akibat kajadian Bubat ieu, dicaritakeun dina catatetan kasebut yén hubungan Hayam Wuruk jeung Gajah Mada  jadi anggang. Gajah Mada sprangan tetap jadi  Mahapatih nepi ka maotna (1364). Akibat kajadian ieu ogé, di kalangan karabat Nagara Sunda dikeunakeun hiji aturan nu disebut  esti larangan ti kaluaran, anu eusina  diantarana teu meunang kawin ti luar lingkungan karabat Sunda, atawa sabagéan deui nyaritakeun teu meunang nikah jeung pihak wétan nagara Sunda (Majapahit).
KANNGGO CARIOS PALAGAN BUBAT DINA VIDEO KLIK DI DIEU: http://www.facebook.com/video/video.php?v=169721213075218&oid=166594040021549

Dicutat ti kalngsunda.net

Tidak ada komentar:

Posting Komentar