Translate

Rabu, 14 November 2012

Rukun Sono


Ceuk siaki rukun sono téh aya opat, kahiji mun tas nyaba, kadua mun pamajikan tas ngajuru, katiluna tas paséa, atuh kaopatna tas moé kasur. Tah ayeuna  méh teu panasaran geura urang tanyakeun langsung ka siaki.
"Ki... bener rukun sono téh aya opat ?"
"Naon barud maké tunyu tanya nu kitu sagala, heueuh opat, éta gé anu kungsi kaalaman ku aki !" jawab si aki bari nyerebengkeun aseup padudanna kana liang irung.
"Nu kahiji naon ki?"
"Nu kahiji mun tas balik nyaba, diterminal kénéh beungeut sinini  geus ngongkolak baé, teu sabar hayang geura ngerekeb !"
"Anu kadua ?"
"Anu kadua lamun pamajikan tas ngajuru, karék dua likur poé, asana téh geus opat puluh poé baé !"
"Anu katilu ?"
"Anu katilu lamun tas pabaeud baeud sok rada rongkah rasa kasono téh !"
"Tah anu kaopat.. ki ?"
" Anu kaopat lamun tas moé kasur, lamun sinini beurangna tas moé kasur, peutingna dijamin hépi euy !"
"Tah ayeuna kumaha sangkan sonona unggal poé ki ?"
"Ih sok belegug sia mah, kieu geura carana, ditinggalkeun nyaba unggal poé teu mungkin komo dititah ngajuru mah impossible, ayeuna tinggal jurus paséa jeung moé kasur, poé kahiji der paséa atuh poé kaduana pamajikan titah moé kasur.... pan bérés !"
"Heueuh ari ujug ujug paséa pan asa pamohalan ki.. saeutikna kudu aya sabab musababna ?"
"Tuh nya beuki belet baé, yeuh pan silaing téh sok hayang kiih tipeuting lin ? Nya cér wé atuh dina kasur, isukna dijamin dor dar paséa lantaran kasur jibreg, atuh beurangna kapaksa kasurna di poékeun, jadi peutingna sonona dobel euy, nya tas paséa, nya tas moé kasur ogé !"
"Tapi pan aki gé nyaho lin, pamajikan uing téh aya opat, tah kumaha mun nu kolot tas moé kasur, nu kadua tas ngajuru nincak kana opat puluh poéna, nu katilu anyar paséa, anu ngora tas ditinggalkeun nyaba ?"
 Ditanya kitu siaki rada ngahuleng, tarangna karijut semu nu mikir tapi teu lila pok ngajawab bari ditungtungan ku ngahéhéh.
"Kieu yeuh barud carana.....jieun surat darurat anu eusina sakabéh pamajikan titah kumpul dinu kolot béjakeun wé nék diayakeun pambagian warisan jeung harta gono gini kituh, mun aya warta nu sénsitip modél kitu pasti maranéhna bakal daratang, tah mun geus kumpul mah kumaha silaing wé hé hé hé !".
"Heuheuy édun euy jurus siaki!"
"Aki téa pikiraneun...! Aéh.. asa kaingetan apan tadi pamajikan aki nu ngora keur moé kasur. Gancang ah kaditu bisi kaburu poék !" ceuk siaki bari ngingkig balik nuju kaimah nu ngora.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar