Translate

Rabu, 14 November 2012

Kumis Baplang




JANG Dadang bujang gandang urang Sela Gedang, gandang lantaran boga kumis baplang sangadulang. Najan gandang geuning teu jadi jaminan payu ka mojang lenjang. Kukituna sakapeung sok humandear tur ngarasa kaluman lantaran geus lana teuing ngabujang. Manehna hariwang lamun lila teuing ngabujang pakarangna bisi karatan lantaran lila teuing dina jero sayang. Lain teu hayang cenah neangan ubar karatan disisi jalan tapi inggis kubisi rempan kusugan. Keun wae cenah pakarangna karatan tur pipi karadak jarawatan, daripada kudu mayar tur ngeunahna ngan saentragan bari ahirna pakarangna panyakitan.

Sabar jeung sabar , sugan jeung sugan sabada lebaran, aya mojang lenjang kumalayang tur eunteup dina sayang jang Dadang. Lamun tea mah aya, meureun ku jang Dadang teh langsung diajak makalangan tur diajak galungan sabada walimahan sarta diajak lalayaran ngambah sagara kaendahan dina mangsa peuting munggaran.

Sakedetan tarang jang Dadang kerung sorangan, mikiran nu bakal karandapan, naha mun boga pamajikan bakal kaparaban kalayan hirup bisa senang sabab keur sorangan ge mungguh ripuh loba kahayang nu can kasorang, komo deui geus maraban duaan jeung pamajikan, asa pamohalan bakal senang lantaran jang Dadang masih pangangguran alias can boga pakasaban.

Dasar gurat awak sisit kadal, nu didago dago tacan jonghok, nu lenjang tacan kabandang, kitu deui nu bahenol can wae norojol, nongtot jodo kasebutna dicap jomlo salilana.
" Boa boa enya Euis Demplon nampik sapajodogan teh gara-gara kumis aing!" Gerentes jang Dadang bari ngusapan kumis baplangna. Najan ceuk paribasa, lalaki mah ditampik paranti ditolak biasa, tapi tetep we mun karandapan, sok ngajedug kana jajantung, ngaganjel kana angen, hate peurih asa digerihan, kitu deui nu karandapan ku jang Dadang harita.
" Cik atuh mun nolak mah nolak we, ulah tudah tuduh kana kumis sagala anu teu tua teu dosa !" ceuk jang Dadang gegerendengan sorangan, basa ras inget deui ka ucapan Euis Demplon, anu nolak cintana kalayan dibumbuan ku alesan sieun digadil ku kumisna lamun seug manehna jadi bebenena.

Bakating kuhayang ngabandang Euis Demplon anu super herang, kabejakeun jang Dadang luluasan ngurud kumisna anu baplang. Leumpang ngagandeuang seja nepangan sang mojang anu lenjang. Sanggeus nepi kapakarangan, kasampak Euis Demplon keur dikaleng ku sang juragan bari terus sing sulusup kana sedan. Biur indit ngadon senang senang duaan. Hate jang Dadang kumalayang, cimata teu karasa ngeumbeung ngagenclang, hanas kumisna geus bolenang tapi simojang tetep teu kabandang, malahan geus dikeukeuweuk ku juragan anu cenah boga pabrik mobil sedan, anu kumisna geuning leuwih baplang ti jang Dadang. Deudeuh teuing jang Dadang iraha atuh nek mungkas ngabujang, naha nungguan jadi deui kumis baplang atawa nungguan boga mobil kijang ?
posted by syam ridwan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar