Translate

Rabu, 14 November 2012

Balada Cinta jang Adun-3



MARTABAK oh MARTABAK
"Odah....neng odaaaah....! Kamana nya neng odah teh?" bapana neng odah gura gero ti rohangan tengah.
"Ieu abdi mah nuju dikamar....pameng nuju ngandelan halis!" sora neng odah moncor na sela sela panto nu teu rekep nutupna.
"Pan halis odah mah geus ngajelir ti ajali, ngajepat ti kudrat, naha make diropea deui?"
"Ih pan meh langkung edun atuh bah !"
"Diropea make naon deui atuh?"
"Ieu nuju dikandelan deui meh ngajeler paehna langkung atra, ngan kakandelan teuing janten siga lele dumbo ngajepat!"
"Ceuk abah ge montong dilenggerkeun. Back to nature we atuh neng!"

Panto kamar ngareket lalaunan, langeor neng odah kaluar tijobongna.
"Aya naon bah?"
"Kadieu geura, abah aya perlu, meungpeung siambu keur suwung!"
"Meuni rareuwas, aya pikersaeun naon atuh bah?"
"Yeuh pan isukan dilembur urang aya jaipongan, bisi abah ka soderan, ieu buuk pangnyemirkeun heula!"
"Tuh nya siabah mah bisa wae ka eneng, bek tu necur, bek tu necur, ari soranganana beberenjen!"
"Tong ngalawan ka kolot pamali! Sok tah da oli urut na mah geus sayagi, pilakadar ge tinggal ngoleskeun!"

Najan semu jejereged, neng odah langsung ngoles ngoleskeun oli urut anu hideung lir gegenek ka sirah bapana.Imeut pisan.
"Mun ningali kieu mah, pasti si dongkrak teh bakal nempel yeuh ka abah!" ceuk bapana neng odah bari ngagalar gilir eunteung.
"Si dongkrak teh saha tea atuh bah?"
"Itu ronggeng idola abah, anu rek manggung isukan!"
"Beu..beu diwartoskeun siah ka siambu...Bah!"
"Montong....ke kuabah jatah apel hidep jeung jang adun diperpanjang. Aeh enya...ngomong ngomong asa geus lila tara ningali jang adun ulin kadieu. Keur pagetreng nya?"
"Ah henteu bah, biasa nuju sibuk ngamodif delman gadeanana!"
"Di modif nanahaonana?"
"Eta saurna, perna digentos ku per keong, meh ceper sareng pami aya logak teu nyentug teuing kana jajantung, teras velkna digentos ku velk resing, atuh jokna nganggo besot, cena nyaranghareup kapayun tur ditambihan sandaran anu dibungkus ku kulit meong, sisi pada sisina dicangreudan safety bell. Meh keren palih payunna, persis pengkereun buntut kuda dipasangan dash board kumplit sareng stereo set digital, tv flat 12 inci,laptop anu bisa diselerekeun kajero sacara otomatis, ah pokona mah mun naek delman kang adun, serasa naek innova, kitu saurna teh!"
"Euleuh sabaraha heraneun cenah biayayana?"
"Saurna, pami dijumlah jamleh kenging duaeun merci panganyarna..bah!"
"Baruk...hayang teuing geura ningali jegrigna. Iraha cenah nek nganjang kadieu?"
"Puguh..saleresna mah anjeunna teh nuju pundung, matak tara kadieu ge. Bah!"
"Har...nya aya masalah naon atuh bet pundung sagala?"
"Eta bah...waktos abdi jajan sop buntut, lantaran wareg teuing,atuh libido abdi naek, katambih kang adun, bet nyarios buntat buntut sagala, nya belentrang tarang kang adun jadi sasaran. Libido hoyong tukal takol tea bah!"
"Ah mun kitu mah...hidep mah nyeclek kawas siambu atuh. Yeuh tarang abah codet teh nya kunaon atuh?"
"Sanes tidagor kana sayang enggang tea bah?"
"Ih lain....puguh gara gara cungkir panas anu diketrokeun ku siambu kana tarang abah!"

Keur gutreng ngobrol, kurunyung emana neng odah ngurunyung tidapur.
"Mun tibaheula atuh apana, buuk disemir teh meureun diservis ku siambu unggal peuting!" ceuk emana neng odah, pedah ningali salakina robah panampilan,kalinglap jadi ngora deui lantaran buukna ngadadak hideung deui. Manan ngawaro omongan pamajikanana, bapana neng odah kalahka ngiceupan ka anakna.
"Neng awas mun rea beja....jatah apel ngurangan siah!"
"Aya naon ieu teh...asa jadi carurigeisen kieu yeuh?"
"Ah euweuh nanaon...ambu! Aeh enya meungpeung keur ngumpul yeuh, abah nek nyarita, peuting tadi abah teh ngimpi,dina rasa teh aya aki aki make pakean sarwa bodas, terus mere ilapat ka abah kawas kieu "lamun peuting ieu aya semah,pas datang langsung dedehem terus uluk salam, mawa kadaharan anu hurup awalna tina "M", terus make sendal sisirangan, eta semah teh lain jelema tapi jurig jarian nu nyiliwuri, setan belang anu mindah rupa, anu boga sipat lir ucing garong, teu kaop nempo paisan sok langsung we kumerot". Mangkana tisemet ieu, kudu ati-ati bisi ilapat ieu bener bener kajadian!" ceuk bapana neng odah mungkas carita. Karek ge nek carengkat, tiluar kadenge aya nu dedehem terus terus uluk salam.
"Ehem..ehem....sampurasun!" nu dijero tibatan ngajawab mah kalahka sing rarindat. Atuh nu uluk salam kalahka beuki tarik tur tambah lambat, melengkung lir sora sipelung.
"Sampurasuuuuuuuuuunnnnnnn!" nu dijero angger ngadedempes.
"Abah...asa apal sorana mah, sora kang adun!" neng odah ngahareweos kabapana.
"Heueuh da abah ge asa apal, sok atuh tembalan, terus pariksa barang bawa teu, terus pariksa deui sendalna naha sisirangan!" tembal bapana sarua ngaharewos.
"Rampessssssss...saha eta?"neng odah ngajawab matak dedengeeun ku halimpuna.
"Ih piraku teu apal..pan aa adun tea atuh neng!"
"Ke heula atuh wang buka heula pantona, tapi omat nya tong waka kalebet!"

Bray panto dibuka, enya we nu ngabedega dina lawang panto teh jang adun, bari katingali mawa hiji bungkusan.
"Nyandak naon eta A?" tanya neng odah semu curiga
"Kasedep eneng pan...Martabak!"
"Naon...Mar....martabak....! Abah enya tina M!" neng odah langsung laporan kabapana.
"Pariksa sendalna neng!" bapana marentah
"Ke ari sendal teu sisirangan kitu?"
"Naha make naros kitu? Ke atuh wang parios heula! Ambuing...ambuing naha kawas nu eusleum wae ieu teh, nu kenca sendal capit ari nu katuhu sapatu boot!"
"Abah..leres yeuh sendalna ge sisirangan!" neng odah laporan deui.
"Geus teu salah deui, jurig jarian, geuwat tutupkeun pantona, papaisan geuwat ampihkeun!" parat bapana ngomong, jelebet panto ditutup satakerna, mun teu ngagiwar mah meureun tarang jang adun pasti jadi korban deui. Sajongjongan jang adun olohok, teu ngarti ku polah neng odah, siga ngadadak owah, nutupkeun panto teu pupuguh.

"Memang cinta ituh penuh pengorbanan yah!" gerentes jang adun, bari ngabelewerkeun bungkus martabak kaluhur. Belesur....martabak ngawang ngawang...terus nyirorot...kahandap....gejret....ninggang sirah jang adun. Daligdeug tewewewewwww!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar