Translate

Rabu, 14 November 2012

Balada Cinta jang Adun-2




Apel ka tilu
Bosen apel ngan ngotok ngowo wae dijero imah, apel nu katilu kalina jang adun ngajak neng odah ulin kaluar. indit make delman sewaan, sapaparat jalan ngobrol uplek pisan,dibarengan kutepak toel bari nyiwit geugeut pisan, dialokan ku plok plakna sora talapok sapatu kuda. najan sakujur awak garalang balas di ciwitan ku neng odah,tetep pikeun jang adun mah bobogahan bari anyeucleu dina luhur delman teh karasana leuwih romantis tur futuristik. ngan hanjakal delman teh lajuna rundag randeg wae lantaran kudana meus meus lieuk deui lieuk deui katukang, bari hihiem tur kekejek. eta meureun nu disebut timburu kuda teh.
"A....neng asa hoyong sop buntut!" ceuk neng odah bari celetot nyiwit deui.
"Oh...kaleresan A oge tos kukuruwukan ieu teh, ke atuh wang mengkol heula ka sop buntut langganan aa, maknyus pisan!" tembal jang adun. teu gimir ayeuna mah, lantaran dompetna merekis kawantu anyar pisan meunang obyekan. galeong, delman digaleongkeun ka pinggir jalan, reg eureun, persis di jongko anu aya tulisan sop buntut pa kumis maknyuss!
"A...sigana abah atoheun pisan pami dipasihan dua porsi nya!"
"Nya mangga we atuh...sakantenan we kanggo siambu...si ade....sareng siteteh panginten haroyongeun oge!"
"Tujuh porsieun A...eh ari sinini kalangkung!"
"Bade masihan sinini...? teu lepat kitu? ke si neng timburu deui!"
"Moal atuh A...nu timburu mah tuh itu kuda!"
"Neng..saur eneng...sop buntut ieu maknyus teu?"
"Maknyus pisan...a, matak lalagiheun!"
"Ah ceuk aa mah....maknyusan buntut aa!"
"Buntut naon..cobi sakali deui!"
"Maknyusan bu...bu....bu..ntut aa!"
"Yeuh maknyusan buntut ieu...!" ceuk neng odah bari belentrang ngetrokeun gagang sinduk paragi nyiukan sop kana tarang jang adun.
Daligdeg tewewew! 

"Cinta itu memang pengorbanan!" gerentes jang adun bari jongjon mecutan bujur kuda, sakali kali gap kana tarangna anu bencenong, gap kana dompetna anu gerewong urut mayar sop buntut sapuluh porsieun. nu ahirna nganaha naha ka neng odah, naha bet tega ninggalkeun manehna.
"Hieeeeemmmmmm!" jang adun ngan ukur bisa nyengir kuda.

Curhat jeung kuda
saprak boga delman gadean, kamana mana jang adun teu tinggaleun ti delman, kaasup ngapelan neng odah, pajarkeun teh mun bobogohan bari beubeuleuyeuran naek delman asa leuwih romantis. unggal poe teu leupas ti delman, balukarna jang adun jadi dalit jeung kuda, ngan henteu ari nepi ka cinlok mah. Saking dalitna, sakali mangsa jang adun kaperegok baceo sorangan hareupeun kuda. ceuk  manehna, mun geus der kitu, tandana pikiranana keur pabuis atawa keur rudet hate. Anehna mun sagala karudet eta geus ditepikeun ka sakadang kuda, hatena ngadadak ngemplong. duka ngartieun duka henteu, ngan nu katohian, mun jang adun ngomongna bari luwa lewe, kontan kuda ge milu luwa lewe, kitu deui mun jang adun ngomongna bari sura seuri, kontan kuda ge ngilu balaham belehem. duka naon pibasaeunana, maenya aya jelema curhat ka kuda. untung kajadian ieu teh teu nepi ka wakil persiden republik mimpi,jk alias jarwo kwat tea, mun kadengeeun, meureun langsung we nyebut kieu “aya aya wae….plis dong ah!”

“Da…dewek nek curhat deui euy!” ceuk jang adun bari ngusapan punduk kuda. sirah kuda langsung unggeuk. Daun ceulina rancung, pertanda geus siap jadi pendengar setia.
“Da…dewek teh bogoh ka neng odah teh…bogoh pisan euy…najan enya gara-gara cinta,dewek asa jadi manusia bodoh, pek we pikir ku silaing, kamari basa dewek jajan sop buntut jeung manehna, ujug ujug belentrang tarang dewek diketrok ku sinduk paragi nyiukan sop, enya padahal mah ngan ukur salah ngajawab pan kuduna mah nu maknyuss teh sop buntut ieu kalahka dijawab “buntut aa” atuh kapaksa tarang dewek jadi korban. anehna dewek teu ambek euy, rasa cinta nu ngagedur kamanehna ngelehkeun sagalana. Kitu deui samemehna, basa dewek anyeucleu paduduaan jeung manehna diluhur delman. Yeuh mun dirasa mah, sakujur awak garalang lantaran diciwitan ku neng odah sapanjang jalan, tada teuing nyerina, tapi deui-deui euy, rasa deudeuh dewek ka manehna, mengalahkan segalanyah. Leuh…leuh..geuning bet ngahuleng euy…ngarti teu ?” kuda langsung unggeuk, genggena anu meulit na beuheung, ngirincing ngilu kagibrigeun.

“Da….bandungan deui nya dewek nek neruskeun curhatna. bener ceuk lagu euy…atas nama cinta, dewek nepikeun ka rido mangmacakeun buku roman picisan anu kandelna dua kalieun yellow pages, parat sapeuting jeput, najan careham dewek asa coplok jeung biwir dewek asa gegeberan balas ngablam blam nyaritakeun eusi buku, tapi dewek rido, rido pisan euy lantaran sajeroning maca, gado neng odah non stop nyangheuy na taktak dewek sapeuting jeput. tuh nya silaing mah  sok langsung ngacay mun ngadenge nu nyangheuy nyangheuy teh!” dikitukeun kuda ngalies miceun beungeut, mun jelema mah kaisinan bari ngalamot deui ciduhna.

“Da….bener ceuk siaki euy, basa manehna kapengpeongan ku sinini, da dewek ge sarua, cinta the pinuh pengorbanan euy,pek we bayangkeun ku silaing, basa apel munggaran, saking bogohna ka neng odah dewek rido ngajawab pananya bapana neng odah basa nga pit ‘n proper tes dewek ku 200 pertanyaan. nya kitu deui basa dewek keur pdkt, mun batur nu nitahna teu sudi abrig abrigan euy….kudu nguras sumur urut tikecebur beurit bikang anu diudag ku beurit jalu, tapi dasar nu nitahna nu keur dianjing cai, nya neng odah tea,kapaksa daek teu daek dewek sapopoe kudu ngeueum na jero sumur nepikeun ka gareunteul jeung arateul saawak-awak.

keur jongjon noroweco curhat jeung kuda, awak jang adun ujug ujug gugurubugan, sihoreng ka eundeurkeun ku vibrator hapena, anu distel pol teuing 7,5 skala ritcher, ditungtungan ku ngagengjrengna sora ringtone, lagu remix ucing garong. ngadenge nu genjrang genjreng, kuda nu tadina depa, langsung ngarengkenek tur huluna ungkleuk ungkleukan.
“Dasar runruntuk kuda renggong siah… teu kaop aya nu gembrang gembrung langsung we ruyad riyed!” ceuk jang adun bari nengeng layar hape. ngelemeng dilayarna kaluar ngaran “yayangku”
“Euleuh neng odah miskol yeuh,pasti nek menta dihampura perkara kajadian mangkukna, ngetrok tarang tea,ngan sigana keur cekak pulsa, atawa boa mere kodeu sangkan buru buru transfer pulsa, tapi piraku geus beak deui pan can lila dieusi!”gerentes jang adun.
“Haloww..hallow…hallow!” jang  adun malik nelepon ka neng odah, leumpang kuyar kiyir kaditu kadieu, neangan sinyal nu merenah.
“Haloww juga!” hiji sora halimpu nembalan.
“Neng aa sono yeuh!”
“Ah maenya, pan mangkukna tepang…aeh punten nya nembe miskol deui nuju keuheul atuh da!”
“Keuheul kasaha?” hatena mentegeg sugan the nyebut punten the nek menta dihampura lantaran geus ngetrok tarangna.
“Keuheul ku persib…eta ku perisijap ge bet keok, adu pinalti deuih!”
“Baruk!” hatena mentegeg deui, naha bet jor jor ka persib sagala.
“A…kade nya hilap!”
“Naon tea..neng?”
“Maenya teu apal…kodeu miskol tea…tau dong yang eneng maksud?”

karek ge nek sangong ngongeun ngajawab, hapena kaburu aya nu gegerewekan. “MAAF FULSA ANDA SUDAH HABIS, SILAHKAN MELAKUKAN ISI ULANG!” ditungtungan ku sora tuuuuuuuuuuuuttttttt..panjang pisan.

Daligdeg tewewew!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar