Translate

Rabu, 14 November 2012

Balada Cinta jang Adun-1




Panggilah aku "AA"
Dua taun jang Adun kapengpeongan ku neng odah, geus sababaraha cara jeung taktik pikeun ngaluluhkeun hatena, hasilna tetep nihil. Ngan ukur pakeukeuh keukeuh. Neng odah keukeuh embung atuh jang adun keukeuh hayang. Padahal jang adun geus teu sabar, iraha biwir ipis neng odah nyebut "aa" kamanehna,pertanda geugeut ,asih,deudeuh jeung heman ka jang adun. Nu ahirna nepi kahiji mangsa............
 "Kita inih kan dah jadian, dan aku akan panggil kamu aa untuk selamanyah!" ceuk neng odah bari ngalendean jang adun.
"Oh iyah...makasih!.  A..juga berjanji akan menjaga hubungan inih dengan baik!"  hate jang adun ngadadak bungangan, tetempoan oge jadi bengras, lantaran ucapan eta pisan nu geus lila dianti anti.
"A....!" sora neng odah semu ogo
"Apah...neng?" jang adun langsung nyamber.
"A...fulsaku habis!"
Daligdeg tewewew...! otak jang adun ngadadak jangar, lantaran geus apal eusi dompetna keur ngelentrung euweuh eusian. Gurubug! Gubrag! dijero kamar jang adun aya sora nu ragrag.
"Salamet salamet...untung ngimpi euy....!" ceuk jang adun bari cengkat, terus rumpu rampa kana cungcurungan, karasa paur lantaran basa ragrag neundeut pisan kana ubin.

Jurus jang adun mikat wanoja
Meunang niron tina buku "40 jurus memikat wanoja" jang adun nyobaan jurus anu ka tilu puluh salapan. Biasana mun wanoja ditulungan waktu manehna keur perlu pisan pitulung, sok langsung ngalemereh hatena tur asihna tamplok kanu nulungan. Tah jurus eta pisan nu dipake jang adun teh.Pikeun ngadukung aksina jang adun nyewa preman kampung. Nya kacaritakeun, basa neng odah indit bari jungjang jingjing, kadenge jurat jerit menta tulung.
"Wah si preman geus beraksi yeuh!" gerentes hate jang adun, bari singkil pura-pura nek nulungan. Gajleng jang adun kaluar tina panyumputanana, bari pok ngomong hariweusweus.
"Aya naon neng odah?"
"Aeh geuning aya kang adun, puguh tadi teh meuni reuwas campur kaget, keur ngagigiwing keresek bade miceun bangke beurit, na atuh kerewek teh keresek aya nu ngarebut bari terus ngabecir, nya atoh we nu aya, aya nu mangmiceunkeun!"
"Ari bieu ngajerit aya naon?"
"Puguh diudag beurit jalu...nerekel kana pingping, nya kapaksa tadi mah aya adegan 21 taun kaluhur, anderok abdi rada disingsatkeun. Ari kang adun aya peryogi naon kadieu?"
"Ah teu aya nanaon, kaleresan wae ngalangkung ka dieu!"
"Ngomong-ngomong teu aya acara deui kang?"
"Teu aya neng!"
"Mun kitu mah kaleresan atuh, sumur abdi nu tadi ka ancloman bangke beurit, anu bangkena nembe dipiceun, punten we atuh panguraskeun!"

Daligdeg tewewew!

Adun Odah ahirna jadian
Ceuk paribasa mun kenyeng tangtu pareng, teuing make jurus naon, ahirna neng odah serah bongkokan ka jang adun, narima cintana ngan make sababaraha sarat.
sarat kahiji :
Wajib apel unggal malem minggu, star jam 19.30 mun telat tidinya geus kaburu diapelan batur.
sarat kadua :
Satiap apel, wajib mawa kulub suuk, jeung ngabrangbrangkeun leungeun jang adun mun beak piobroleun teu ngoromel ka awak neng odah tapi langsung kana kulub suuk.
sarat katilu :
Mun apel dilarang pisan mawa sarung, najan hujan ngagebret moal ieuh dititah ngendong.
sarat ka saratus salapan puluh salapan :
Mun aya miskol, eta pertanda hape neng odah geus euweuh pulsaan , kudu geuwat transfer fulsa elektrik, mun teu kitu bisa baeud saumur umur!"

Daligdeg tewewew!
"Ko saratnya banyak amat sih!" gerentes jang adun bari ngarampaan tarang.

Apel Munggaran
Meunang dandan pol abiz, jang adun nganjang make delman sewaan. Nepi ka imah neng odah, langsung diintrograsi ku bapana, aya 200 pertanyaan nu kudu dijawab ku jang adun. Sapuluh pertanyaan dijawab lancar, 50 pertanyaan dijawab balakbak belekbek, saleuwihna kalahka ngabigeu. Untung neng odah surti, jang adun diajak pindah ka piviliun, der we ngobrol.  
Neng Odah    : "A...neng nuju resep ka roman picisan,kaleresan neng tadi tas ngagaleuh bukuna,ngan nuju males macana, punten pangmaoskeun nya!"
Jang adun     : "Demi eneng...naon bae rido....sok atuh kadieukeun bukuna!"
Neng Odah    : "Tah ieu A bukuna aya 500 halaman, kandelna sami sareng buku yelow pages, sok A geura ngawitan,wengi ieu kedah tamat nya!
Jang adun     : daligdeg tewewew!

Apel Kadua
Basa apel nu ngaduakalian, kasampak neng odah keur dangdan dikamarna,ma'lum dangdan wanoja sok mangjam jam, nya tamba euweuh nu nyanghareupan,sirintil ninina neng odah nyampeurkeun. Der uplek ngobrol aya kana dua jamna. Rengse dangdan, neng odah langsung nyampeurkeun, nini neng odah ngolesed ngelehan terus muru jobongna.
Jang Adun    : "Neng aya ku kayungyung gaduh nini teh, ni perhatian ka abdi, bageur deuih!"
Neng Odah   : "Ayeuna mah jujur we atuh A...milih abdi atawa milih nini abdi?"
Jang adun    : daligdeg tewewew!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar