Translate

Senin, 10 Desember 2012

bapa jeung anak

“Pa, teu acan bayaran dua sasih”, ceuk Enung ka nu jadi bapana.
“euh……. Geulis, anaking, anak bapa. Hampura bapa, Nung. Kieu geuning usaha bapa téh ngajékjrék waé. Pira kuli macul sapopoé. Kadang-kadang aya nu nitah, lolobana mah nyamos”, ceuk Mang Sahroji, bapana Enung, lumengis bari cinutrung na lawang panto.
Si Enung ukur tungkul, ngadénéngé jawaban bapana, da puguh apal kana kaayaan. Manéhna a

niprek gigireun bapana, geus make seragam sakola, kari jung.
Di dapur tiiseun. Hawu teu ngebul.
“Jung, sakola heula wé, ayeuna mah. Unjukan ka bapa atawa ibu guru, bapa can gaduheun artos. Mundut sarantos heula-anan. Bapa deuk buburuh heula. Sugan wé aya nu nitah. Geus sasarap, acan?”, ceuk Mang Sahroji.
“Teu acan. Kamari téa wé neda teh wangsul sakola, basa bapa nyandak berekat ti sawah”, Enung ngawalonan.
Berebey cipanon Mang Sahroji ngeyembeng na kongkolak panonna. Ngangres.
Duanana teu sakémék aya nu nyarita, iwal sarua murubut cimata.
Léos Enung mangkat, satutasna nyium leungeun bapana. Diteuteup unggal léngkah anakna ngungkug lempang ka lebak, nepi ka les teu ngajirim deui, méngkol ka jalan lembur peupeuntasan.
Sahroji sajongjongan ngalamun, inget ka indungna budak, nu geus taya dikieuna, alatan gering parna teu kungsi kaubaran. Nyi jenat ninggalkeun budak awéwé, nunggal. Ayeuna budak geus mangkat déwasa, geus di SMA, da maksa hayang sakola tuluy.
“Nyai….., hampura Akang….., geulis…..! Sadar Akang téh gedé pisan dosa ka Nyai. Nepi kahanteuna, paragat nyawa ku gering ripuh.. Nu matak, Akang jangji moal deuk néangan pipamajikaneun deui. Salawasna, Nyai pamajikan Akang. Muga jaga di alam langgeng, urang papanggih deui, reureujeungan deui, siga keur di dunya. Akang mah iwal ti deuk ngajujurkeun nu anak urang duaan, si Enung, nepi ka jucungna. Sanajan pagawéan ukur kieu, insyaALLAH, Pangéran mah Maha Adil”, gerentes haténa, bacéo na lawang panto. Teuteupna bangblas ka jauhna, nempo lembur nu aya di lebakeunana.
Koréjat, reuwas!
“Astagfirulloh…….. hal adzim, na kamalinaan, ngalamun téh”, Mang Sahroji cengkat, bari menerkeun sarung, nu ti tadi diharudumkeun. Salin baju, gap pacul, ngoncian panto imah, rigidig indit nuturkeun indung suku. Léngkahna dimimitian ku bismillah, deuk usaha, susuganan aya nu nitah macul atawa beberesih.
Eta imah nyengceling di pasir. Sedeng di lebak ditu, rel-estat (kompleks real estate) marakbak hémpak, aralus naker. Nu nyicinganana tangtu jelema jegud wungkul.
Tepung di hiji jalan gedé jero komplek, aya ibu-ibu nu kagungan bumi keur pepeta bari tutunjuk ka bujangna (babuna) awéwé. Rét ka Mang Sahroji, ngagorowok:
“Mang, saha éta?”
“Abdi, juragan”, walon Mang Sahroji.
“Rék ka mana urang?”, nu kagungan bumi nanya deui.
“Nun, abdi téh bade buburuh wé, manawi aya nu miwarang. Da abdi mah tukang macul”, walonna, bari tetep rengkuh.
“Tah geuningan. Ka dieu atuh, hiap. Lamun dititah mangmeresihankeun taman, daék?”, ceuk si ibu, nalék.
“Mangga….., Juragan, manawi kapercanten”.
Puguh tukangna di kebon atawa di sawah, der wé Mang Sahroji digawé, haget.
“Bibi, pangninyuhkeun kopi keur si Emang. Sina nyaneut heula”, si ibu ngagorowok.
Cul si bibi ninggalkeun taman, léos ka dapur. Teu lila kurunyung mawa cikopi jeung jajaburna.
“Mang, sok tah, ngopi heula. Tah geuning aya roti, sésa bapa tadi sasarap angkat ka kantor”, saur si ibu.
“Hatur nuhun, Juragan”.
Regot cikopi panas diasaan. Ana gap kana roti, ngarandeg, inget ka nu jadi anak. Unggal poé gé tara ieuh sasarap mun miang sakola téh. Kituna teh bari merebey deui cipanonna. Cicing sajongjongan.
Nu kagungan bumi hélok.
“Ku naon ari si Emang?”, cenah.
“Aeh….. punten Juragan. Naha, abdi kalah ka ngalamun, ieu téh. Hapunten…. Hapunten. Ieu émut ka pun anak”, walonna, beungeutna beu’eus.
“Na di mana, kitu, budak téh?”.
“Tadi parantos mios sakola, rada nyubuh. Unggal dinten gé nikreuh”.
Si ibu ngaleketey, rus-ras. Bari ngagerendeng dina manahna, ieu jelema beresih pameunteuna, bari sopan deuih cacaritaanana téh. Kaitung anéh jaman kiwari mah.
“Ke, ari Emang sabaraha hiji budak?”, nanya.
“Mung hiji, Juragan, awéwé”.
“Ari si bibi, maksud téh éta indung budak?.
“Parantos lami ngantun, manawi”, ngawalon bari haroshos.
Nu kagungan bumi, jep saharita, teu nanya deui. Terus wé nempo nu digawé meresihan taman.
Dur lohor, pagawéan Mang Sahroji anggeus. Alus, beresih, teu nyésakeun jukut salambar.
“Mang, bérés nya. Runtahna ditumpukeun dina wadahna di hareup, lin? Keun, da unggal poé gé diakutan ku treuk runtah”.
“Sumuhun, Juragan”.
“Ka dieu. Yeuh, ngeusian beuteung heula. Lapar tangtuna gé, ti isuk ngadeker digawé”.
Koloyong Mang Sahroji asup ka garasi (garage). Geus nyampak sangu ngebul kénéh katut deungeunna. Geus satengan piring, ngarandeg teu dibéakeun. Da tadi nu satengahna didahar dina mangkok angeun sop réa dagingna.
“Ku naon eureun, Mang? Teu ngeunah, nya, pasakan si bibi?”
“Aduh….. Juragan…. Hapunten pisan! Meni raos, ni’mat…..pisan neda téh. Tara abdi mah mendak tuangeun sapertos kieu, Nun”, jawabna rada bedas ayeuna mah.
“Naha atuh disesakeun? Lebar!”
“Juragan, manawi kawidian, bade dibantun, bade dibekel ka rorompok, keur pun anak. Tayohna lapareun pisan, wangsul sakola. Da, abdi teu acan popolah”.
Anu kagungan bumi kalah ka nyelek tikorona.
“Oh. …..! Bibi…., ka dieu! Eta sésa si Emang pangmungkuskeun. Bari tambahan deui wé. Jeung deungeunna sakalian.
Si bibi teu talangké, nurut sakumaha kapalay dunungan.
“Mang, tah, sésa Emang nu tadi geus dibungkus ku si bibi. Tah ieu duit, lumayan, keur meuli-meuli uyah atuh. Hampura ibu, nya, ngan bisa mere sakieu”, bari ngeupeulkeun duit lima puluh rébu katut bungkusan sakérésék.
“Omat, isuk rada isuk kénéh ka dieu deui. Pangnempokeun kenténg di tukang, luhureun kamar mandi. Omat, nya”, si ibu sasauranana leuleuy, bari tetep tikorona nyelek, rus-ras.
“Nampi nuhun……. Juragan….., katampi dunya-ahérat. Mangga, insyaALLAH, manawi abdi dipaparin umur dugi ka énjing, ngadeuheus deui ka panglinggihan ieu. Permios, Nun”, walon Mang Sahroji, bari ngincid mulang.
Si ibu jeung si bibi, neuteup seukeut, nepi ka Mang Sahroji méngkol liwat jajalaneun ka lembur pasir.
 Satemenna kakara carangcang tihang. Mang Sahroji balik ti masigit langsung meulahan suluh. Enung mah geus mandi, geus luis, da kudu gancang indit ka sakola. Leumpang sakumaha sapopoéna. Kadéngé bapana nampolan kai di pipir, manéhna hideng ka dapur heula, ngahurungkeun hawu. Kupas-kepos niupan songsong.
“Bapa, poék kénéh, teu, di pipir?”, ngagorowok ti dapur.
“Caang, Nung. Komo ti b
éh pasir wétan mah, geus rék moncorong. Naha kitu?”, tébal bapana, bari ngarandeg nyekel kampak.
“Seueur kénéh da, suluhna. Abdi naheur cai, ieu. Bade disalin, teras mios”, cenah.
Mang Sahroji eureun nyuluh. Tuluy dikumpulkeun kai meunang meulahan téh, dibawa ka dapur. Bru, diéntépan na parako luhureun hawu.
“Nung, deuk bareng jeung bapa ka lebak?”
Enung mah keur nyisiran di kamarna. Pameunteuna dipulas saeutik ku wedak Saripohatji. Rap tiung jilbab. Dangdak-dengdék memener baju jeung erok seragam. Kaluar ti kamar bari nyolendang kantong buku, ngaliwat ka dapur rék disapatu warior belél, bari geus loba nu saroéhna.
“Ari bapa bade didamel di mana kitu, ayeuna téh?”, walonna bari nalikeun sapatu.
“Nuluykeun di nu kamari. Enung sasarap heula atuh. Ieu ku bapa dihaneutkeun, sésa kamari téa”.
“Bapa wé sangu mah. Abdi ieu rotina, raos. Dibekel, nya, Pa. Abdi ti payun, bisi kasiangan”, ceuk Enung bari ngarawél leungeun katuhu bapana, tur diantelkeun kana tarangna.
“Assalamu’alaikum……!”, ngagajleng tina babancik, tuluy rada lumpat.
“Wa’ alaikum salam….. warohmah, wabarokah. Bral… Nung, anaking, geulis. Sing salamet, sing pinter, sing gedé milik, Cu !”, ceuk Mang Sahroji, ngagereyem, nyawang nu lumpat laun ngincid ka lebak.
Hawu ngabebela. Cai ngagolak dina téko. Langseng hideung tur butut, ngebul. Suluh dikusrukeun, dipareuman. Cingagolak dicicikeun kana poci. Puruluk dientéhan. Sangu poé nu ditumpangan deungeunna sésa kamari, dicéntongan, ditamplokeun kana piring séng. Nyelebeng haseup nyambuang, dihihidan lalaunan. Diteuteup. Rék didahar, lebar. Da pikirna engké gé pasti manggih dahar di imah komplek nu kamari téa. Karunyaeun deuih ka anakna. Bisi balik kapiheulaan. Mangkaning can sempet meuli béas kamarina, teu bisa nyangu. Bus piring téh kana pago bari ditutupan ku piring séjénna. Mang Sahroji ukur nyicikeun cipanas kana emuk parantina. Regot, regot, bari ditiupan. Karasa ngagelesernana cipanas kana peujit. Geus tarapti di imah, ngadingdius ngincid ka lebak, muru imah nu beunghar téa, nohonan jangji kamari.
Kocapkeun di bumi komplek téa, si ibu gé keur pak-pik-pek di dapur, nyayagikeun kanggo sasarap carogéna angkat ngantor. Tayohna sapikiran jeung si bibi, anu pulang-anting ka kamar cai tukang, ngabrus-ngabruskeun seuseuheun kana mesin cuci.
“Bibi, ngagoréng naon éta? Ari seragam olah raga Dang Imam, geus diseuseuh? Asana kamari téh jibreg pisan ku késang, tas futsal?”, saur si ibu.
“Nuju diputer, Bu. Ieu, pan aya sukun meni tos seungit, ku abdi digoréng. Bisi si Emang nu kamari téa dongkap deui. Sanés dipiwarang marios ka para ku Ibu téh”, tembalna.
“Meni sapikiran jeung si bibi. Enya bener. Eta nempo gawéna alus, bari teu loba catur deuih. Imeut pisan. Keun urang tungguan. Saenyana mah lain perelu-perelu teuing mariksa ka luhureun imah, watir wé, jiga nu kokoloyongan néangan rejeki”.
Ari si Mang Sahroji, bubuhan jelema jagjag belejag, paribasana leumpang rada anggang gé ti girang ka komplek teu kungsi satengah jam geus cunduk ka nu dijugjug.
“Sampurasun…….., Assalamu’alaikum…… Juragan……!”, rada ngagorowok ti hareupeun pager jangkung, sora Mang Sahroji. Manéhna teu apaleun aya bél, gigireun éngsél panto buruan. Kabeneran, garasi geus dibuka. Si Bapa rék ngahaneutan mobilna ku anjeun, lantaran poé éta mah supir ménta idin aya kaperluan.
“Wa’ alaikum salam…! Saha, nya?”, si bapa ngadorong pager géréndél.
“Juragan Pameget, abdi, Nun, anu kamari dipiwarang beberesih ku Juragan Istri, Sun!”, ngawani-wani manéh. Da ceuk pikir Mang Sahroji moal salah ieu téh carogena. Pédah kamari mah rada beurang datang ka dieu, teu kungsi amprok.
“oh….., hiap atuh. Sok asup”, waler si bapa. Tuluy nyaur geureuhana :
“Bu…., ieu aya saha? Nu digawé kamari, cenah.
“Sakedap Pa, sina ngantos heula, kapameng”, si ibu ngawaler ti pengker.
Mobil hade kaluaran anyar dihirupan ku si bapa. Mang Sahroji aniprek tukangeun panto garasi.
“Mang, ulah di dinya. Hiap ka dieu, asup. Ké sakeudeung, ibu kapameng, cenah”.
“Mangga, Juragan, cekap, Nun”, walonna, keukeuh rengkuh.
Mobil hurung, si bapa nyampeurkeun.
“Ari urang saha?”
“Abdi, pun Sahroji, Gan”, bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun sasalaman.
“Oh, Sahroji. Mang Oji meureun nya, nénéhna mah”.
“Leres, Juragan”.
“Urang mana?”.
“Abdi mah pituing urang Lembur Pasir, itu palih tonggoh, Nun”, ngajawab bari tetep tungkul, najan nuduhkeun ka tonggoh.
Diteuteup ku si bapa. Ieu jelema rengkuh pisan. Awak beresih, najan pakéan saayana ogé.
“Atuh apal ka komplek ieu, meureun, mun kitu mah”, saur si bapa.
“Kantenan, Juragan. Terang pisan. Leresan ieu mah tilas kebon. Lajeng upami ka palih kulon itu, tilas sérang,. Itu anu bade napel ka lembur sapalih”.
Si bapa ukur unggeuk-unggeukan. Loba nu ditanyakeun sabudeureun ngadegna éta komplek rel-estat téh. Si bapa percaya.
Bari ngobrol kitu, kakara karérét ku Mang Sahroji, plang jenengan dina témbok deukeut lawang ka tepas. “Sastra Atmadja”.
“Euh….. Juragan Sastra Atmadja geuning jenengan nu kagungan bumi téh”, gerentes hate Sahroji.
Gerung…, gerung… mobil digas. Cetrék dipareuman. Meujeuhna dipanasan.
Kurunyung si ibu dituturkeun ku si bibi bari nanggeuy baki. Dahareun dituruban.
“Tah geuning si Emang. Sugan téh teu jadi datang”, saur si ibu.
Ana kedeprek téh diuk bari ngasongkeun leungeun, sasalaman :
“Juragan Istri…….., rébu nuhun…… Juragan…..dipaparin tuangeun ku Juragan kamari, katampieun pisan ku pun anak. Diteda wangsul sakola, meni….. ponyo, Nun”, ceuk Mang Sahroji, tetep aniprep payuneun Bu Sastra Atmadja. Leungeun duanana ngarangkep, ditapelkeun dina beungeutna, lir jelema keur nyembah. Kituna téh deuih, bari cumalimba.
“Bu, ieu téh Mang Oji. Tuh urang girang”, saur Pa Sastra.
“iiiih… geuning bapa mah uninga!”, Bu Sastra nyalénggorkeun. Padahal tikorona mah nyelek, karasa hayang ceurik.
“Apan tadi bapa mah ngawangkong jeung Mang Oji”.
“Bapa moal kasiangan angkat?”, saolah-olah méngparkeun wangkongan.
“Itu bilih bade sasarap, parantos sayagi, da”.
“Enya atuh. Mang Oji, pék wé nya, sagawé-gawé. Turut kasauran ibu, bisi deuk miwarang nanaon.
“Saéstu, Juragan, mangga diéstokeun pisan manawi kaanggo”, rengkuh naker.
“aéh…., Mang Oji sok udud, tara? Ieu yeuh, sésa bapa, pék wé béakeun. Piraku teu cukup”, kituna téh bari muka bungkusan roko, diitung,
“hiji, dua…….., tujuh, dalapan”, saurna! “Yeuh”, bari ngasongkeun.
Gancang ditampanan bari disuhun.
“Rébu nuhun, Agan”.
Pa Sastra mengker ninggalkeun nu tiluan di garasi. Badé ka jamban, gentos raksukan, teras sasarap, angkat ka kantor.
“Mang, méméh ibu papagah, pék nyaneut heula, nya. Ibu ngaréncangan bapa heula. Sakedap deui angkat.
“Mangga Juragan, ngiringan. Wilujeng”.
Rot cikopi panas kénéh. Am goréngan sukun.
Bari nyapék pangangguran. Ieu téh udud naon. Geus dibungkus, unggal batang dibungkusan deui. Bari diambeuan disoéhkeun sabatang. Barang bréh; 234 katempo.
“Euleuh, geuning udud ngeunah ieu mah”.
Cekés kayu api, nyot diseungeut, sedot…. Selebung……..! Ni’mat naker.
 
 
 
 Pa Sastra geus saged. Sasarap heula anu disayagikeun Bu Sastra. Tuangeun kalandepna roti dimantégaan diwuwuh bungbu séjénna, lengkep, teu kakantun ceplok endog. Cikopi ngebul kénéh sacurna. Bu Satra nyampeurkeun. Calik di payuneunana.
Saharita papada nyaur. Nu saurang nyebut Pa; itu, Bu. Antukna garumujeng duanana.
“Sok ibu heula, badé sasauran naon? Eta geuning gentos acuk?”, saur Pa Sastra.
“Ib
u ngiring ka payun. Badé ka pasar. Da, seueur nu icalan acuk di dinya gé. Ari ka toko, wayah kiwari teu acan aya nu buka. Wangsul mah gampil, kana taxi wé. Karunya si Imam nuju ngeprint tugas, sanggemna”, walerna.
Pa Sastra rada olohok.
“Ngagaleuh acuk naon? Kanggo saha, ari ibu?
“Pa, kamari téh ibu ngobrol bari tutuduh beresih taman ka si Mang Sahroji. Sanggem pangakuna tos lami dikantun ku bojona. Ninggalkeun budak hiji, awéwé. Ayeuna sakola kénéh di SMA. Taun ieu ujian. Kamari téh bérés beberesih, sina neda. Kari-kari, ku naon teu diséépkeun? Badé dibekel keur pun anak, abdi teu acan nyangu, cenah. Ibu téh janten cirambay. Eta pangkat jelema leutik, dududaan, usaha ukur buburuh, keyeng hanyang majukeun budak. Ibu hoyong mangmésérkeun acuk seragamna. Kacipna téh geus lalayu sekar, bari sapatuna tos rajét. Meni asa rus-ras”, saur Bu Sastra.
Carogéna ukur unggut-unggutan, bari barang tuang.
“Tah, Bu, tadi téh Bapa boga pikiran kieu; jigana aya sababaraha setél acuk nu tos tara dianggo. Cik ku ibu kumpulkeun. Bikeun ka Mang Oji. Katempona éta jelema, beresih pameunteuna. Cirining teu tinggaleun ibadah. Pasrahkeun wé ka inyana, ngarah mangpaat.
“Mangga Pa. Tapi sawios, upami teu kabujeng ayeuna, ku ibu dipeupeujeuhhkeun, énjing-pagéto sina ka dieu deui, bari sina meresihan gudang sareng garasi”.
Pa Sastra saluyueun naker, unggeuk bari imut ngagelenyu.
“Hayu atuh, bisi Bapa kasiangan”.
Bring duanana ka garasi.
Mang Sahroji keur nuruban opieunana dina baki. Udud napel kénéh dina ramona. Nempo rentang-rentang nu sumping ti lebet bumi, pok :
“Juragan badé jengkar ayeuna? Panto pager badé dibuka”, cenah hideng.
“Enya, Mang Oji, bisi beurang mantén”, saur Pa Sastra.
Gidig ngadorong pager beusi.
“Mang Sahroji, Ibu ka pasar heula, nya. Itu pariksa nu bocor di kamar mandi tukang téa wé. Ilikan ti luhur. Keun, da aya si bibi anu nuduhkeun”, saurna Bu Sastra, bari calik gédéngeun si bapa dina mobil sedan.
“Mangga, Gan, diétokeun”.
Dius mobil, panto ditutup deui. Udud dipareuman. Kuntungna dibebeskeun deui kana bungkusna.
“Lebar, ah, keur engké. Barang gawé bari udud, moal euceug”, gerestes haténa.
Kincid ka tukang, nyampeukeun si bibi nu keur nyeuseuhan. Di loténg kadéngé aya nu trok-trak nu keur ngetik. Sora printer ngagerit.
“Jamban palih mana?”, nanya ka si bibi.
“Ieu, mangga wé tingalian”.
Bener, aya nu ngelemeng hideung. Kalacat naék kana dak pamoéan luhureun kamar mandi jeung paranti nyeuseuhan. Dikurilingan. Ulak-ilik diimeutan. Naha aya beton bisa bocor? Ceuk pikirna. Jadi lieur, aing, néangan nu kieu mah. Piraku kudu dibongkar onaman. Garo-garo teu ateul, Mang Sahroji ngagerendeng sorangan. Aing téh manusa, dibéré akal. Jrut, turun deui. Ngajéwang émbér, dieusian cai. Nginjeung panyiukna ka si bibi. Dina dak dibanjuran saeutik-saeutik, nempo cai ngamalirna ka mana. Cur, sakali. Cur deui, cur deui, bari ngimeutan cai nyangkarung di mana? Bener kalolobaan asup kana paralon. Tapi rada béh tengah aya nu nyangkrung, jeung cicing. Cai teu labas.
Tah, tah, tah, ngarandeg di dinya. Diilikan, aya nu ngulincir, cicirén cai asup.
Barang ka jero kamar mandi di handap, enya wé nyurulung, gigireun bohlam.
“Kéhéd, éta geuning panyakitna téh, horéng! Kapanggih ku aing”, Mang Sahroji ngomong sorangan, atoh.
“Geus ah, kari nyemén ayeuna mah”, cenah.
“Kagungan semén, manawi?”, nanya ka si bibi anu keur ngelabkeun.
“Asana teu gaduh. Mésér wé, atuh ka matrial payun. Da ibu ngantunan artos, bilih aya tukang sayur. Sawios, anggo heula wé”, jawab si bibi.
“Ah da moal seueur, paling-paling mung dua-tilu kiloeun. Badé mésér lima kilo atuh, supados teu pameng. Sakantenan sadayana badé diaci”, Mang Sahroji nétélakeun bari nampanan duit lima puluh rébu.
“Abdi ka Matrial Haji Madi heula, nu caket”, bari ngagidig kaluar.
Teu lila geus kurumuy deui. Song, pamulangan dibikeun, ditilep jeung bon-na.
“Mésér sakantong sapuluh rébueun, anu tos sayagi, teu dikilo”, bébéja.
Derrr.... wé dipigawé, satutasna ditéktrék maké obéng. Las, semén baseuh ku roskam, da teu bogaeun séndok aduk. Abong lain tukang témbok. Apik, saamparna diimeutan. Ngarah cai bener ngamalirna kana paralon. Ti lebah dituna rada diluhuran. Rup dituruban kertas koran. Tuluy diképrétan cai, ngarah teu bareulah deui. Bari nungguan garing, kamar mandi nu urut bocor diberesihan, dikerok. Mangkaning deukeut lampu pisan.
Bél ting-tong assalamu’alaikum disada. Si bibi lumpat. Horéng Bu Sastra mulih.
“Mang Sahroji, kumaha? Kapanggih?”
“Parantos disemén sawatawis mah, Gan. Kapendak aya nu miis dina dak. Kantun ngantos garing, manawi”, walonna, angger rengkuh.
“Enya, sukur atuh. Ulak-ilik deui wé ka nu séjénna. Bisi aya kénéh nu teu ngeunah katempona.
“Leres, Nun. Badé ningal kenténg caket anteneu. Katawisna seueur benang langlayangan, paguded kusut”.
Keur ngarabutan benang, aya nu nyarita:
“Mang, éta sakantenan kabel telefon sambungan ti payun, pangrapihkeun. Ulah ngalumpruk dina kenténg kitu. Dipakuan wé di sisi. Panjang, pan?”, saur putrana, Dang Imam, di loténg anu keur ngeprin.
“Aduh, Adén. Mamang meni reuwas. Manawi téh saha. Mangga, Dén. Atuh, na.... nya, ieu padamelan pemborong mah, padu énggal réngsé baé.
“Kabel modem internét éta téh, nyambung tina séntral di payun”, Dang Imam negeskeun.
Barang gawé dina suhunan téh ngeunah wé, najan gagalacangan dina kenéng teu paur, da kenténg beton.
Keur makuan kabel, dur bedug. Ngon nu adan lohor, ”, écés ti kadeukeutan.
“Alhamdulillah, Gusti, umur abdi dugi ka lohor deui. Euleuh geuning éta masigit téh deukeut, katempo munarana. Sidik ti luhur mah”.
Kagok teu turun-unggah, dibérésan heula, kabéh. Bari keukeuh manjuran manjuran semén acian dak. Geus méh pukul satu, ceuk nu kagungan bumi, ku naon si Mang Sahroji teu turun-turun.
“Mang Sahroji, geus anggeus? Meni betah. Turun heula atuh. Tuh liwet si bibi, tiis mantén. Ngeusian heula beuteng, bisi salatri”, Bu Sastra ngagorowok ti handap.
“Parantos, Juragan. Kapameng manawi”, bari turun ngajingjing émbér, roskam, palu, katut runtah benang langlayangan, jeung kalakay.
“Sok dahar heula. Tuh di dapur wé, tong di garasi jiga kamari. Ku si bibi geus ditembrakeun”. “Mangga Juragan, hatur nuhun. Mung hapunten, abdi badé ka jamban heula, bilih ahir. Badé ka masjid wé, caket geuning, katawis ti luhur mah”.
“Oh kitu. Jug atuh heula-anan. Tapi éta pakéan kalotor kitu! Kumaha?”, Bu Sastra rada kerung.
“Ngabatun salin, Nun, sareng sarung, ieu na gébolan”, walonna.
Bu Sastra, si bibi, malah Dang Imam gé geus di handap, nempo nu ngincid mukakeun pager, muru masigit.
Ku si bibi pager teu dikonci deui, ukur diselot. Pikirna ngarah si Mang sahroji teu gogorowokan balik ti masigit. Jeung enyana, ukur diésérkeun, bus wé bari diselotkeun deui, basa mulang ti masigit mah. Gegeyebedan disarung. Baju urut digawé dibulen, ditilepan.
“Tah geuning. Tuluy wé ka dapur, jung, dahar heula. Teu dialasan, sok wé sing wareg. Ulah diduakeun jeung keur budak. Keun wé, da si bibi geus mungkusan, bawaeun ka imah mah”, saur Bu Sastra.
Mang Sahroji teu teu sakemék, nyarita, ukur tungkul bari sila dina bangku di dapur nyahareupan dahareun.
Bismilah, am dahar, ponyo naker nguah. Deungeunna aya dua-tilu rupana, soto, gepuk, perkedél kentang, kurupuk, katut sambelna teu tinggaleun.
Bérés dahar, ngoléséd ka kamar mandi. Nempoan semén geus garing, henteuna. Kalacat naék deui kana dak bari manjuran acian. Angger gegeyebedan disasarung. Sawatara kairong, jigana garing, da ditempo ti handap euweuh nu ngeclak.
Amitan wé, deuk mulang.
Bu Sastra surti.
“Mang Sahroji, anggeus poé ieu mah, nya. Ka dieu heula-anan. Ari budak téh saha ngaranna?
“Enung, Juragan. Enung Nurhasanah panjangna mah. Nyi jenat biangna kapengker, éta téh nu masihan ngaran”.
“Alus. Sukur atuh. Hampura ibu, nya, Mang Oji. Lain ngahinakeun. Ibu gé boga anak awéwé nu cikal. Ayeuna dinesna di Jakarta, da geus jadi dokter, bari geus bumén-bumén. Dua incu ibu téh ti si cikal, sajodo awéwé-lalaki. Itu si jalu, Dang Imam, ngiring ngalih kuliahna ka dieu, basa bapa mundut ngalih ka provinsi, mayunan pangsiun. Ayeuna keur skripsi. Rada elat budak lalaki mah, loba teuing kana organisasi”, Bu Sastra ngagelendut, bari nuluykeun sasauran;
“Ieu, tadi ibu ka pasar, balanja. Nempo aya nu dagang seragam sakola. Inget ka budak Mang Oji. Sugan kapaké, pangmikeunkeun, ieu mah kanyaah ibu, kituh, nya! Omat. Bebener wé sina meujeuhna kana awakna, da ibu can apal dedeganana, apan”, saurna. Kituna téh ongkoh bari mikeun amplop.
“Tah ieu, béjakeun, bisi kurang keur meuli buku, ieu tambahna”, bari dareuda.
Mang Sahroji, ngeluk tungkul sajongjongan, bari biwirna ngageter. Teu werat ngucap.
“Selang-selang euweuh pigawéeun, nyimpang deui ka dieu, isuk-pagéto. Ibu boga amanat ti bapa. Itu aya bubututan, sugan mahi di Mang Oji, ngan ayeuna can dibérésan ku ibu. Pokona, saur bapa, tadi peupeujeuh ka ibu, Mang Oji sing mindeng nyimpang. Naon wé sagawé-gawé. Bantuan bébérés nu bareurat, da ku si bibi mah teu katanagaan.
“Saé, Juragan. Mangga. Diéstokeun pisan”, walon Mang Sahroji, tipepereket nyekelan amplop nu dipasrahkeun, tur nangkeup bungkusan seragam keur anakna. Kituna téh nyaritana méh teu kadéngé nahan piceurikeun.
Uluk salam deuk mulang, si bibi ngasongkeun deui kérésék bungkusan dahareun, berekat. Solongkrong sasalaman, bari jeung panangan si ibu diantelkeun kana irungna. Mang Sahroji amit mungkur.
Duit saratus rébu, dilelepkeun ku Bu Sastra kana pésak baju Mang Sahroji.
“Tah, ieu mah itung-itung ngagantian tanaga cilingcicat ka para, nya”, saurna.
Ana kedeprek deui waé Mang Sahroji, bari mitutur:
“Juragan...... isin....sim kuring téh, Nun. Meni parantos sagala rupi pisan, ieu téh”, bari nyegruk.
“Jung heula, beurang teuing. Bisi budak geus balik sakola, karunya lapareun”.
Enya wé, barang nepi ka imah, panto dapur geus muka. Tangtu si Enung geus aya di imah.
“Nung, geus lila?”
Némbalan ti jero kamarna.
“Nembé jol pisan abdi gé. Bapa didamel di nu kamari kéneh?”.
“Enya. Tah aya berekat. Emam heula. Bapa mah entas di ditu. Beuteung meni mendeyang kieu. Wareg. Rék naheur cai wé, dibekelan kopi”, kituna téh bari ger mirun seuneu, nagenkeun téko naheur cai.
Kurunyung Enung ti jero, ana brug meubeutkeun manéh kana lahunan bapana, bari ceurik ongkoh, jiga nu kanyenyerian.
“Enung ku naon? Aya nu karasa, atawa aya nu ngahina? Atawa meureun diteungteuingan batur. Pédah urang mah jalma sangsara”, bari ngusapan sirah Enung. Budakna cengkat, ngusap cipano, tapi pameunteuna marahmay.
Berekat dibuka. Nyokot piring alas. Bari dahar, si Enung ngadongéng bébéja ka bapana.
“Tadi téh abdi disaur ku ibu wali kelas. Boro tos reuwas, da apan teu acan bayaran téa. Abdi kedah ngadeuheus bapa kepala. Tadina mah teu tiasa kumaha. Asa napak asa henteu, tadi téh. Dijajap malihan ku anjeunna, duaan ngadeuheus.
Bapana ngabandungan, bari ngasur-ngasur suluh. Kituna, kareuwas tetep marengan.
“Ku Pa Kepala Sakola, ditaros sagala rupina. Malihan saurna mah, kantos aya piwarangana anu ka dieu ningalian bumi urang ieu. Teras ka Pa RT, ka desa sakantenan. Saurna sakur anu ditaros waleranana sami. Sahroji téh kulawarga prasejahtera. Janten, Bapa......”, jep, Enung teu kebat nyarita. Kalah ka ceurik. Malah beuki tarik batan tadi.
“Haaarrr...... ku naon cenah? Kumaha ieu téh? Urang boga dosa, kitu?”, ceuk Mang Sahroji, beuki teu ngarti, ngagugujeg punduk anakna.
Regot si Enung nginum. Nyusutan cipanon ku erokna bari nyuuh.
“Sanés Pa, kacindekanana mah, jéntré, abdi téh dibébaskeun tina sagala-rupi bayaran. Malihanan artos DSP anu nembé dicicil lima ratus rébu salami lima semester ieu téh, diwangsulkeun deui. Ieu artosna”, bari song nu dikeupeul téh diasongkeun ka bapana.
Mang Sahroji saharita meungpeun beungeutna, bari ngucap du’a sukur, muji ka Hyang Agung, ku kaadilanana.
“Nuhun.... Gusti, abdi Gusti seja nganuhunkeun ka Anjeun.... Nun... Pangéran abdi sadaya”, Mang Sahroji teu kendat babacaan.
Duanana nyegruk di dapur.
Cai ngagolak, asa kagareuwahkeun. Suluh dikusreukeun, dipareuman.
“Enung, tuluykeun éta dahar, beukah. Tadi gé bapa ponyo jeung soto”, pokna bari ninyuh kopi.
“Muhun abdi gé lapar”.
Geus teu pati kabur pangacian, ayeuna mah. Maranéhna gutreng ngobrol deui.
“Janten, Pa, abdi téh teu kedah diudag-udag deui kedah mayar itu-ieu. Pokona Enung mah diajar sing bener, nepi ka lulusna, saur anjeunna. Teras Pa Kepala téh badé ngupayakeun, sangkan abdi tiasa lebet kuliah ngalangkungan jalur prestasi, jalur penelusuran minat sareng bakat. Lumayan, abdi pan, ranking umum ka dua di sakola. Kawon sotéh duméh wé urang teu gaduh komputer. Laporan sareng tugas Enunng mah, apan, telat waé nyanggakeunana”, ngadongéng bari dahar.
“Nung, bapa mah teu ngarti. Asal pibenereun, pialuseun keur hirup Enung ka hareupna, bral, bapa mah ngadungakeun sarta nganteur. Pék kumaha hadéna” ceuk Mang Sahroji.
“Aéh enya, bapa gé boga amanat ti dunungan anyar bieu. Tuh aya bungkusan, cenah mah baju seragam keur Enung. Cik pecakan, bebener wé ngarah mahi”.
“Mana? Nu éta, Pa?”, Enung curinghak atoh.
Bérés dahar, dipérénan diasup-asupkeun kana pago leutik, lain lomari makan, da teu bogaeun, gap dicokot, gidig ka kamarna. Dicobaan. Lumayan cukup. Erok panjang rada logor cangkéngna bisa dikécos dipaskeun, ceuk pikirna téh. Bajuna mah meujeuhna. Anu kacida resepeunana, kana tiungna, jilbab rénda-rénda dibordir alus naker modél anyar. Ongkoh sura-seuri, ongkoh nyurudcud cipanon. Ngangres, aya nu inget mikanyaah. Ceuk pikirna, mun aya kénéh Ema, meureun kieu, mapantes budak, meuli baju pakéeunana. Tukuy kaluar nyampeurkeun bapana.
“Pa, cekap, nya. Saé?”, pokna, bari imut. Tapi angger beungeut baseuh cimata.
“Payus, Nung. Enung mah awak sampulur. Kulit konéng. Pantes. Beuki geulis anak bapa téh. Leuwih geulis ti jenatna Ema”, bapana muji, bari inget ka Nyi Jenat, indungna si Enung.
“Ieu aya kénéh Nung. Ibu nu kagungan bumi téh ngamplopan. Cenah keur mésér buku. Ku bapa can dibuka, da amanat keur Enung. Buruh keur bapa mah enggeus. Malah geus dibelikeun béas lima kilo. Maparin leuwih gedé batan kamari. Tadi nyimpang ka Warung Ceu Odah. Yeuh buka”.
Amplop disoéhkeun ku si Enung. Barang bréh, duit lima lambar beureum gambar Soekarno-Hatta.
“Gusti.........Bapa......., lima ratus rébu, geuning, Bapa......!”, bari ditangkeup pageuh.
“Sukur Geulis, milik Enung, tah. Kop, pék petakeun. Paké, bisi aya kahayang. Bapa mah geus heubeul pisan teu bisa ngajajanan”.
“Enjing badé mésér sapatu atuh, nya, Pa!”.
Mang Sahroji unggeuk, atoh. Budak disalin. Bari mimiti ayeuna mah, teu loba pikiran keur mayar ka sakola.
Budak malik, bus ka kamarna, diteuteup. Ngagerentes:
“Sing gedé milik satuluyna, Nung, anaking, anak bapa, jimat bapa. Biheung bapa mah isuk jaganing-géto pondok umur. Enung deuk aya nu ngajeujeuhkeun. Sing jujur, Cu. Mangpaatkeun éta kasempetan. Ulah kawas bapa, SD gé teu tamat. Matak hirup urang siga kieu. Enung sing junun nepi ka jadi sarjana, nya, Geulis. Pangdunga bapa, moal kendat salawasna keur nu jadi anak".
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar